Sisindiran kecap asalna tina sindir. Sisindiran nyaeta salahsahiji rupa puisi dina puisi Sunda. Umpama dina basa atawa sastra Indonesia, sisindiran sarua jeung pantun. Aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu mangrupa carita jeung puisi anu henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, mantra, guguritan jeung sajak.
Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Umpama ditilik tina maksud atawa eusina, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, sisindiran anu eusina mangrupa silih asih, jeung sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina sisindiran aya bagean anu disebut cangkang jeung aya bagean anu disebut eusi.
Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupakeun cangkang, sedengkeun padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupakeun eusi. Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupakeun cangkang, jeung padalisan kadua mangrupakeun eusi. Dina unggal padalisan paparikan, rarakitan jeung wawangsalan biasana aya dalapan engang atawa suku kata.
Umpama ditilik tina wangun kekecapannana, paparikan ampir sarua jeung rarakitan. Anu ngabedakeun paparikan jeung rarakitan nyaeta yen dina rarakitan aya hiji atawa dua kecap dina padalisan kahiji jeung padalisan kadua anu disebut deui atau diulang dina padalisan katilu jeung padalisan kaopat. Sedengkeun dina paparikan teu aya kecap-kecap anu diulang saperti dina rarakitan.